Ari
Rukun Islam eta aya 5
1.
Ngucapkeun dua kalimat syahadat,ari pokna syahadat
nyaeta
أشهد أن لا اله إلّا الله وأشهد أنّ Ù…ØÙ…ّدا رسول الله
Hartosna : Nyaksian
abdi kana yen saleresna teu aya anu wajib di ibadahan anging Alloh
ta’ala,sareng nyaksian sim abdi kana yen saleresna kanjeng Nabi Muhammad eta
utusan Alloh.
2. Ngalakonan
sholat anu lima waktu dina saban saban sapoe sapeuting
3. Mayar
zakat ka mustahikna anu dalapan.
4. Puasa
dina bulan Romadhon kenging sabulan
5. Munggah
haji ka Baitulloh,namung upami kawasa,tegesna boga bekel pikeun maju jeung
balikna jeung keur mukimna di mekkah.
Ari
Rukun Iman eta aya 6
1.
Iman ka Alloh
2.
Iman ka malaikatna Alloh
3.
Iman ka Rosulna Alloh
4.
Iman kana Kitab anu diturunkeun ku Alloh
5.
Iman kana poe kiamah
6. Iman
kana papasten,papasten hade sareng goreng eta sami ti gusti Alloh.
Ari
Fardhu Wudhu eta aya 6
1.
Niatna ati dibarengkeun jeung datangna cai kana wajah.
2.
Ngumbah wajah.
3.
Ngumbah leungeun dua nepi kana sikuna dunana.
4.
Ngusap sirah saeutik.
5.
Ngumbah suku dua nepi kana mumuncangan nana duanana.
6.
Tartib,ari ngaran tartib nyaeta ngaheulakeun perkara
anu kudu dipigawe tiheula sarta mandeurikeun perkara anu kudu dipigawe
pandeuri.
Ari ciri
cirina baligh eta aya 3
1.
Kusabab geus sampurna umur 15 tahun,di haq na lalaki
jeung awewe.
2.
Kusabab bijil mani di haqna lalaki jeung di haqna
awewe bari geus umur 9 tahun.
3.
Kusabab haidh di haqna awewe wungkul bari geus umur 9
tahun.
Ari
syarat cukupna susuci ku batu eta aya dalapan.
1.
Susucina kudu ku tilu batu anu berguna pikeun tilu
kali usapan.
2.
Tempatna najis kudu nepi ka beresih.
3.
Najisna ulah geus garing.
4.
Najisna ulah geus pindah.
5.
Tempatna najis ulah geus kadatangan ku najis anu
sejen.
6. Najisna
ulah geus urat aret kana gigir bijurna atawa kana hasyafahna.
7. Najisna
ulah geus kadatangan ku cai anu teu matak nyucikeun.
8. Batuna
kudu anu suci.
Ari
ngaran niat nyaeta maksud migawe hiji perkara bari dibarengkeun jeung prak
migawena,ari patempatan niat nyaeta ati,ari ngucapkeunana kana eta niat eta
disunatkeun,ari waktuna niat dina wudhu nyaeta dina nalika ngumbah kawitan juz
nyaeta beungeut.
Ari
babagian cai eta aya 2.
1.
Cai saeutik nyaeta cai anu kurang ti dua kulah.
2.
Cai loba nyaeta cai anu aya 2 kulah,jeung saterusna
leuwih loba tinimang 2 kulah.
Ari cai saeutik eta bisa
jadi mutanajis kulantaran kakeunaan najis,sanajan teu ngarobah kana rasa,ambeu
atawa rupana cai.
Ari cai loba eta teu jadi mutanajis kusabab kaantelan
najis,anging dimana robah rasa atawa ambeu atawa rupana cai.
Ari anu
ngawajibkeun kana adus eta aya 6
1.
Ngasupkeun hasyafah kana farji.
2.
Kusabab bijil mani.
3.
Kusabab haidh.
4.
Kusabab Nifas.
5.
Kusabab ngajuru.
6.
Kusabab maot.
Ari
Fardhu na adus eta aya 2.
1.
Niat.
2.
Ngawalatraan sakabeh zhohirna badan ku cai.
Ari
Syarat sahna wudhu eta aya 10
1.
Islam
2.
Hideng.
3. Beresih
tina haidh jeung tina nifas.
4. Beresih
tina perkara anu matak ngahalangan kana bisa tepina cai kana kulit.
5. Dina
anggota wudhu ulah aya perkara anu matak ngabarobahkeun kana kulit.
6. Nyaho
kana kafarduanana wudhu.
7. Ulah
nekadkeun sunat kana salah sahiji fardhuna wudhu.
8. Caina
kudu anu suci.
9. Manjing
waktu.
10. Tuluy
tuluy,manjing waktu jeung tuluy tuluy eta pikeun jalma anu langgeng hadats.
Ari nu
ngabatalkeun kana wudhu eta aya 4
1.
Kusabab aya nu bijil salianti mani tina salahsahijina
palawangan dua,nyaeta tina qubul jeung tina dubur.
2.
Ilang aqal kusabab sare atawa liana sare,anging sarena
jalma anu bari diuk anu netepkeun kana bujurna dina tempat diukna.
3.
Paantel dua kulit lalaki jeung awewe anu pada gede
duanana tur lain mahramna bari teu aya halang halang.
4.
Nyabak qubul atawa dubur anak Adam,nyabakna ku dampal
leungeun atawa ku dampal ramona.
Ari
perkara anu diharamkeun ka jalma anu teu boga wudhu eta aya 4.
1.
Haram Sholat.
2.
Haram Thowaf.
3.
Haram nyabak Qur’an.
4.
Haram mawana Qur’an.
Ari
perkara anu diharamkeun ka jalma anu junub eta aya 6.
1.
Haram Sholat.
2.
Haram Thowaf.
3.
Haram nyabak Qur’an.
4.
Haram mawana Qur’an.
5.
Haram cicing di Masjid.
6.
Haram macana Qur’an.
Ari
perkara anu diharamkeun ka jalma anu haidl jeung nifas eta aya 10.
1.
Haram Sholat.
2.
Haram Thowaf.
3.
Haram nyabak Qur’an.
4.
Haram mawana Qur’an.
5.
Haram cicing di masjid.
6.
Haram macana Qur’an
7.
Haram puasa.
8.
Haram di tholaq.
9. Haram
ngaliwat ka jero Masjid.
10. Haram
dialap suka.
Ari
sabab dimenangkeunnana tayammum eta aya 3.
1.
Kusabab euweuh cai.
2. Kusabab
gering anu teu menang make cai.
3. Kusabab
butuh kana cai,karana hanaangna hayawan anu teu dimulyakeun ku syara’
Ari hayawan anu teu dimulyakeun ku
Syara’ eta aya 6.
1. Jalma
tinggal sholat.
2. Jalma
zina muhson.
3. Jalma
murtad.
4. Kafir
musuh.
5. Anjing
galak.
6. Bagong.
Ari
syarat sahna Tayammum eta aya 10.
1.
Tayamumna kudu ku taneuh.
2.
Taneuhna kudu anu suci.
3.
Taneuhna ulah urut make.
4. Taneuhna
ulah kacampuran ku tipung atawa bangsana tipung.
5. Ngamaksud
mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggahota anu di usap.
6. Ngusap
kana beungetna jeung kana leungeun duana kalawan dua kali cokotan.
7. Kudu
ngilangkeun najis dina bareng mimiti.
8. Kudu
ati ati dina nganyahokeun kiblat.
9. Kudu
geus manjing waktu.
10. Tayamumna
pikeun saban saban fardhu.
Ari
fardhuna Tayammum eta aya 5.
1.
Mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggahota
anu di usap.
2.
Niat na ati.
3.
Ngusap beunget.
4.
Ngusap leungeun dua sarta sikuna duanana.
5.
Tartib antara dua cokotan.
Ari
perkara anu ngabatalkeun kana Tayammum eta aya 3.
1.
Kusabab aya perkara anu ngabatalkeun kana wudhu.
2.
Kusabab murtad.
3.
Kusabab nyangka kana ayana cai,lamun tayammumna si
jalma kulantaran euweuh cai.
Ari
perkara najis anu bisa jadi suci eta aya 3.
1.
Arak dimana geus jadi cuka ku awakna sorangan.
2.
Kulit bugang dimana geus disamak.
3. Perkara
anu robah jadi hayawan.
Ari babagian Najis eta aya 3.
1. Najis
mughollazhoh tegesna najis anu beurat,contona najis anjing jeung bagong jeung
anak salahsahiji anjing jeung bagong.
2. Najis
mukhoffafah tegesna najis anu enteng,contona cikiihna budak lalaki anu umurna
acan dua tahun.bari can ngadahar salianti cai susu indungna.
3. Najis
mutawasithoh tegesna najis anu pertengahan,contona salianti najis mughollazhoh
sareng najis mukhoffafah.
Ari perkara anu
kakeunaan najis ku mughollazhoh eta bisa suci ku tujuh kali kumbahan saba’da
ngilangkeun jentulna najis,bari salahsahiji kumbahan anu tujuh eta kudu make
taneuh.
Ari perkara anu
kakeunaan ku najis mukhoffafah eta bisa jadi suci ku jalan ngocorkeun cai kana
eta perkara,bari caina ngawalatraan saba’da ngilangkeun najis
Ari najis mutawasithoh eta kabagi 2.
1. Najis
mutawasithoh bangsa ‘aen,nyaeta najis anu aya rupa,rasa atawa ambeu,cara
ngilangkeunana nyaeta kudu ngilangkeun rasa,rupa atawa ambeuna.
2. Najis
mutawasithoh bangsa hukum,nyaeta najis anu teu aya rasa,rupa jeung ambeuna,cara
ngilangkeunana cukup ku ngocorkeun cai kana perkara anu kakenaan najis.
Saeutik eutikna
zaman haidh eta sapoe sapeuting,ari biasana zaman haidl eta tujuh poe tujuh
peuting,ari loba lobana zaman haidl eta lima belas poe lima belas peuting.
Ari sauetik eutikna
zaman suci eta antara dua kali haidl nyaeta lima belas poe lima belas
peuting,ari galib galibna zaman suci eta dua puluh tilu atawa dua puluh opat
poe jeung peutingna,jeung teu aya batesanana pikeun loba lobana zaman suci.
Ari hadats eta aya 2.
1. Hadats
leutik,nyaeta hadats anu matak ngawajibkeun kana wudhu.
2. Hadats
gede,nyaeta hadats anu matak ngawajibkeun kana adus.