Ari uzdur na
Sholat eta aya 2.
1.
Kusabab sare.
2.
Kusabab poho.
Ari syarat sahna sholat eta aya 8.
1. Suci
tina hadats dua,nyaeta hadats leutik jeung hadats gede.
2. Suci
tina najis,dina pakeanana,bandanna,jeung dina tempat sholatna.
3. Nutupan
aurat.
4. Nyanghareup
ka qiblat.
5. Manjing
waktu.
6. Nyaho
kana kafardhuanana sholat.
7. Ulah
nekadkeun sunat kana hiji fardhu tina pirang pirang fardhuna sholat.
8. Ngajauhan
perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat.
Ari babagian orat eta aya 4.
1. Oratna
lalaki kalawan mutlak(di luar sholat jeng dina sholat),jeung orat awewe amat
dina keur sholat wungkul,nyaeta antara bujal jeung tuur.
2. Oratna
awewe merdeka dina keur sholat,nyaeta sakabeh bandanna,salianti wajah jeung
dampal lengeun duana.
3. Orat
awewe merdeka jeung orat awewe amat disanghareupeun lalaki anu dengeun
dengeun,nyaeta sakabeh bandanna.
4. Orat
awewe merdeka jeung orat awewe amat dihareupeun mahramna,jeung dihareupeun
awewe deui nyaeta antara bujal jeung tuur.
Ari Rukun Sholat eta aya 17.
1. Niat
na ati.
2. Takbirotul
ihrom.
3. Nagtung
ka jalma anu bisa kana nangtung.
4. Maca
fatihah.
5. Ruku’
6. Tuma’ninah
dina ruku’
7. I’tidal.
8. Tuma’ninah
dina I’tidal.
9. Sujud
dua.
10.
Tuma’ninah
dina sujud dua.
11.
Diuk dina
antara sujud dua.
12.
Tuma’ninah
dina diuk antara sujud dua.
13.
Attahiyat
akhir.
14.
Diuk dina
attahiyat akhir.
15.
Maca sholawat
ka kanjeng nabi dina diuk attahiyat akhir.
16.
Maca salam ka Beulah katuhu.
17.
Tartib
Ari tingkatan
niat eta aya 3
1. Lamun
sholatna sholat fardhu,maka wajib dina eta niat 3 perkara.
1) Maqsud
migawe,nyaeta jalma anu sholat ngucapkeun”usholli”
2) Nangtukeun
sholat anu dipigawe,nyaeta ngucapkeun” zhuhur’atawa”ashar”.
3) Nekadkeun
kafarduan,nyaeta jalma anu sholat ngucapkeun”fardhon”
2. Lamun
sholatna sholat sunat anu diwaktu waktu,atawa sholat sunat anu aya sababna,maka
wajib dina eta niat dua perkara.
1) Maksud
migawe.
2) Nangtukeun
sholat anu dipigawe.
3. Lamun
sholatna sholat sunat muthlaq,maka wajib dina eta sholat maksud migawe wungkul.
Ari syarat
sahna Takbirotul ihrom eta aya 16.
1. Takbirotul
ihromna kudu aya dina tingkah nangtung lamun sholatna sholat fardhu.
2. Takbirotul
ihromna kudu ku bahasa arab.
3. Takbirotul
ihromna kudu ku lafazh”Alloh”.
4. Takbirotul
ihromna kudu ku lafazh”Akbar”.
5. Kudu
tartib antara dua lafazh,nyaeta antara lafazh”Alloh”jeng lafazh”Akbar”.
6. Ulah
manjangkeun kana hamzahna lafazh”Alloh”.
7. Ulah
manjangkeun kana ba na lafazh”Akbar”.
8. Ulah
nasydidan kana ba na lafazh”Akbar”.
9. Ulah
nambahan ku wawu anu sukun atawa wawu anu diharkatan antara lafazh”Alloh”jeung
lafazh”Akbar”.
10.
Ulah nambahan
wawu samemeh lafazh”Alloh”.
11.
Ulah eureun
antara dua kalimah takbir,kalawan eureun snu lila,atawa eureun anu sakeudeung.
12.
Sakabeh
kalimat takbir kudu kadenge kunu macana.
13.
Kudu geus
manjing waktu dina sholat anu diwaktu waktu.
14.
Kudu tumiba
takbirotul ihrom dina tingkah nangtung.
15.
Ulah
cacadelan dina salah sahiji huruf takbirotul ihrom.
16.
Ngahirkeun
takbirotul ihromna ma’mum saba’da takbirotul ihromna imam.
Ari syarat
sahna maca Fatihah eta aya 10.
1.
Tartib.
2.
Tuluy tuluy antara bacaan fatihah.
3.
Ngaraksa kana sakabeh hurufna fatihah.
4.
Ngaraksa kana sakabeh tansydidna fatihah.
5.
Ulah eureun kalawan eureun anu sauetik atawa uereun
anu lila anu ngamaksud megatkeun kana bacaan fatihah.
6.
Maca kana sakabeh ayatna fatihah,ari bismillah eta
kaasup kana bacaan fatihah.
7. Ulah
cacadelan anu matak ngaruksak kana ma’na fatihah.
8. Fatihahna
kudu dibaca dina tingkag nangtung dina sholat fardhu.
9. Kudu
kadenge sakabeh bacaan fatihah kunu macana.
10.
Ulah nyela
nyelaan kana bacaan fatihah dzikir anu sejen.
Ari Tasydidna
Fatihah eta aya 14.
1.
Ari tasydidna "bismillah"eta saluhureun lam lafazh"Alloh"
2.
Ari tasydidna "Arrohman"eta saluhureun ro
3.
Ari tasydidna "Arrohim"eta saluhureun ro
4.
Ari tasydidna"Alhamdu lillah"ieta saluhureun lam lafazh"Alloh".
5.
Ari tasydidna"Robbil ‘Aalamiin"eta saluhureun ba
6.
Ari tasydidna"Arrohman"eta saluhureun ro
7.
Ari tasydidna"Arrohim"eta saluhureun ro
8.
Ari tasydidna"Maliki yaumiddiin"eta saluhureun dal
9.
Ari tasydid"Iyyaka na’budu"eta saluhureun ya
10.
Ari tasydid"Iyyaka nasta’in"eta saluhureun ya
11.
Ari tasydid"Ihdinashshirootol mustaqiim"eta saluhureun shod.
12.
Ari tasydid"shitholladziina"eta saluhureun lam
13.
14. Ari tasydid"An’amta ‘alaihim ghoril maghdhuubi ‘alaihim
waladhdhoolliin"eta saluhureun dho jeung lam
Ari tempat
anu disunatkeun ngangkat dua leungeun eta aya 4
1.
Nalika takbirotul ihrom
2.
Nalika ruku’
3.
Nalika i’tidal
4. Nalika
nangtung saba’da tasyahud awwal.
Ari syarat
sahna sujud eta aya 7
1.
Sujudna kudu ngenaan kana 7 anggota sujud.
2.
Tarangna kudu dibukakeun.
3.
Ngantep kana sabeuratna sirah(sirahna ulah ditahan)
4.
Ulah turun karana lain rek sujud.
5. Ulah
sujud kana perkara anu sok usik lamun usik manehanana.
6. Ngangkat
bujurna ngaluhuran kana sirahna.
7. Kudu
thuma’ninah dina sujud.
Ari anggota
sujud eta aya 7.
1.
Tarang. 2&3
Dampal leungeun dua. 4&5 Tuur
dua. 6&7 Dampal ramo suku dua.
Ari Tasydid
anu aya dina Tasyahud eta aya 21,anu lima dina sampurna sampurna Tasyahud,anu
16 dina saeutik saeutikna Tasyahud
1.
Ari tasydid"Attahiyyaatu"eta saluhureun ta jeung ya
2.
Ari tasdid"Almubaarokaatushsholawaatu"eta saluhureun Shod
3.
Ari tasydid"Aththoyyibaatu"eta saluhureun tho jeung ya
4.
Ari tasdid"Lillaahi"eta saluhureun lam lafazhAlloh
5.
Ari tasydid"Assalaamu"eta saluhureun sin
6.
Ari tasydid"’Alaika ayyuhannabiyyu"eta saluhureun ya,nun jeung ya.
7.
Ari tasydid"Warohmatullohi"eta saluhureun lam lafazh"Alloh"
8.
Ari tasydid"Wabarokaatuhussalaamu"eta saluhureun sin
9.
Ari tasydid"’Alaina wa ‘alaa ibaadilllahi"eta saluhureun lam lafazh"Alloh".
10.
Ari tasydid"Ashshoolihiina"eta saluhureun shod.
11.
Ari tasydid"Asyhadu alla ilaaha"eta saluhureun lam alif.
12.
Ari tasydid"Illallohu"eta saluhureun lam alif jeung saluhureun lam lafazh"Alloh"
13.
Ari tasydid"Wa asyhadu anna"eta saluhureun nun.
14.
Ari tasydid"Muhammadarrosulullohi"eta saluhureun mim"Muhammad",ro sareng lam lafazh"Alloh".
Ari
Tasydid anu aya dina saeutik eutikna Sholawat eta aya 4
1.
Ari tasydid"Allohumma"eta saluhureun lam jeung mim
2.
Ari tasydid"Sholli"eta saluhureun lam
3.
Ari tasydid"’Ala muhammad"eta saluhureun mim
Ari saeutik
eutikna maca salam eta lafazh السَّلامُ عليكُم ari
tsydidna eta luhureun sin.