Terjemah Safinah bahasa Sunda - Bab Aqidah dan Thoharoh

Terjemah Safinah bahasa Sunda - Bab Aqidah dan Thoharoh

Ari Rukun Islam eta aya 5

1.   Ngucapkeun dua kalimat syahadat,ari pokna syahadat nyaeta

أشهد أن لا اله إلّا الله وأشهد أنّ محمّدا رسول الله

Hartosna : Nyaksian abdi kana yen saleresna teu aya anu wajib di ibadahan anging Alloh ta’ala,sareng nyaksian sim abdi kana yen saleresna kanjeng Nabi Muhammad eta utusan Alloh.

2.   Ngalakonan sholat anu lima waktu dina saban saban sapoe sapeuting

3.   Mayar zakat ka mustahikna anu dalapan.

4.   Puasa dina bulan Romadhon kenging sabulan

5.   Munggah haji ka Baitulloh,namung upami kawasa,tegesna boga bekel pikeun maju jeung balikna jeung keur mukimna di mekkah.

Ari Rukun Iman eta aya 6

1.   Iman ka Alloh

2.   Iman ka malaikatna Alloh

3.   Iman ka Rosulna Alloh

4.   Iman kana Kitab anu diturunkeun ku Alloh

5.   Iman kana poe kiamah

6.   Iman kana papasten,papasten hade sareng goreng eta sami ti gusti Alloh.

Ari Fardhu Wudhu eta aya 6

1.   Niatna ati dibarengkeun jeung datangna cai kana wajah.

2.   Ngumbah wajah.

3.   Ngumbah leungeun dua nepi kana sikuna dunana.

4.   Ngusap sirah saeutik.

5.   Ngumbah suku dua nepi kana mumuncangan nana duanana.

6.   Tartib,ari ngaran tartib nyaeta ngaheulakeun perkara anu kudu dipigawe tiheula sarta mandeurikeun perkara anu kudu dipigawe pandeuri.

Ari ciri cirina baligh eta aya 3

1.   Kusabab geus sampurna umur 15 tahun,di haq na lalaki jeung awewe.

2.   Kusabab bijil mani di haqna lalaki jeung di haqna awewe bari geus umur 9 tahun.

3.   Kusabab haidh di haqna awewe wungkul bari geus umur 9 tahun.

Ari syarat cukupna susuci ku batu eta aya dalapan.

1.   Susucina kudu ku tilu batu anu berguna pikeun tilu kali usapan.

2.   Tempatna najis kudu nepi ka beresih.

3.   Najisna ulah geus garing.

4.   Najisna ulah geus pindah.

5.   Tempatna najis ulah geus kadatangan ku najis anu sejen.

6.   Najisna ulah geus urat aret kana gigir bijurna atawa kana hasyafahna.

7.   Najisna ulah geus kadatangan ku cai anu teu matak nyucikeun.

8.   Batuna kudu anu suci.

Ari ngaran niat nyaeta maksud migawe hiji perkara bari dibarengkeun jeung prak migawena,ari patempatan niat nyaeta ati,ari ngucapkeunana kana eta niat eta disunatkeun,ari waktuna niat dina wudhu nyaeta dina nalika ngumbah kawitan juz nyaeta beungeut.

Ari babagian cai eta aya 2.

1.   Cai saeutik nyaeta cai anu kurang ti dua kulah.

2.   Cai loba nyaeta cai anu aya 2 kulah,jeung saterusna leuwih loba tinimang 2 kulah.

Ari cai saeutik eta bisa jadi mutanajis kulantaran kakeunaan najis,sanajan teu ngarobah kana rasa,ambeu atawa rupana cai.

Ari cai loba eta teu jadi mutanajis kusabab kaantelan najis,anging dimana robah rasa atawa ambeu atawa rupana cai.

Ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6

1.   Ngasupkeun hasyafah kana farji.

2.   Kusabab bijil mani.

3.   Kusabab haidh.

4.   Kusabab Nifas.

5.   Kusabab ngajuru.

6.   Kusabab maot.

Ari Fardhu na adus eta aya 2.

1.   Niat.

2.   Ngawalatraan sakabeh zhohirna badan ku cai.

Ari Syarat sahna wudhu eta aya 10

1.   Islam

2.   Hideng.

3.   Beresih tina haidh jeung tina nifas.

4.   Beresih tina perkara anu matak ngahalangan kana bisa tepina cai kana kulit.

5.   Dina anggota wudhu ulah aya perkara anu matak ngabarobahkeun kana kulit.

6.   Nyaho kana kafarduanana wudhu.

7.   Ulah nekadkeun sunat kana salah sahiji fardhuna wudhu.

8.   Caina kudu anu suci.

9.   Manjing waktu.

10.       Tuluy tuluy,manjing waktu jeung tuluy tuluy eta pikeun jalma anu langgeng hadats.

 

 

Ari nu ngabatalkeun kana wudhu eta aya 4

1.   Kusabab aya nu bijil salianti mani tina salahsahijina palawangan dua,nyaeta tina qubul jeung tina dubur.

2.   Ilang aqal kusabab sare atawa liana sare,anging sarena jalma anu bari diuk anu netepkeun kana bujurna dina tempat diukna.

3.   Paantel dua kulit lalaki jeung awewe anu pada gede duanana tur lain mahramna bari teu aya halang halang.

4.   Nyabak qubul atawa dubur anak Adam,nyabakna ku dampal leungeun atawa ku dampal ramona.

Ari perkara anu diharamkeun ka jalma anu teu boga wudhu eta aya 4.

1.   Haram Sholat.

2.   Haram Thowaf.

3.   Haram nyabak Qur’an.

4.   Haram mawana Qur’an.

Ari perkara anu diharamkeun ka jalma anu junub eta aya 6.

1.   Haram Sholat.

2.   Haram Thowaf.

3.   Haram nyabak Qur’an.

4.   Haram mawana Qur’an.

5.   Haram cicing di Masjid.

6.   Haram macana Qur’an.

Ari perkara anu diharamkeun ka jalma anu haidl jeung nifas eta aya 10.

1.   Haram Sholat.

2.   Haram Thowaf.

3.   Haram nyabak Qur’an.

4.   Haram mawana Qur’an.

5.   Haram cicing di masjid.

6.   Haram macana Qur’an

7.   Haram puasa.

8.   Haram di tholaq.

9.   Haram ngaliwat ka jero Masjid.

10.       Haram dialap suka.

Ari sabab dimenangkeunnana tayammum eta aya 3.

1.   Kusabab euweuh cai.

2.   Kusabab gering anu teu menang make cai.

3.   Kusabab butuh kana cai,karana hanaangna hayawan anu teu dimulyakeun ku syara’

Ari hayawan anu teu dimulyakeun ku Syara’ eta aya 6.

1.   Jalma tinggal sholat.

2.   Jalma zina muhson.

3.   Jalma murtad.

4.   Kafir musuh.

5.   Anjing galak.

6.   Bagong.

Ari syarat sahna Tayammum eta aya 10.

1.   Tayamumna kudu ku taneuh.

2.   Taneuhna kudu anu suci.

3.   Taneuhna ulah urut make.

4.   Taneuhna ulah kacampuran ku tipung atawa bangsana tipung.

5.   Ngamaksud mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggahota anu di usap.

6.   Ngusap kana beungetna jeung kana leungeun duana kalawan dua kali cokotan.

7.   Kudu ngilangkeun najis dina bareng mimiti.

8.   Kudu ati ati dina nganyahokeun kiblat.

9.   Kudu geus manjing waktu.

10.       Tayamumna pikeun saban saban fardhu.

Ari fardhuna Tayammum eta aya 5.

1.   Mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggahota anu di usap.

2.   Niat na ati.

3.   Ngusap beunget.

4.   Ngusap leungeun dua sarta sikuna duanana.

5.   Tartib antara dua cokotan.

Ari perkara anu ngabatalkeun kana Tayammum eta aya 3.

1.   Kusabab aya perkara anu ngabatalkeun kana wudhu.

2.   Kusabab murtad.

3.   Kusabab nyangka kana ayana cai,lamun tayammumna si jalma kulantaran euweuh cai.

Ari perkara najis anu bisa jadi suci eta aya 3.

1.   Arak dimana geus jadi cuka ku awakna sorangan.

2.   Kulit bugang dimana geus disamak.

3.   Perkara anu robah jadi hayawan.

Ari babagian Najis eta aya 3.

1.   Najis mughollazhoh tegesna najis anu beurat,contona najis anjing jeung bagong jeung anak salahsahiji anjing jeung bagong.

2.   Najis mukhoffafah tegesna najis anu enteng,contona cikiihna budak lalaki anu umurna acan dua tahun.bari can ngadahar salianti cai susu indungna.

3.   Najis mutawasithoh tegesna najis anu pertengahan,contona salianti najis mughollazhoh sareng najis mukhoffafah.

Ari perkara anu kakeunaan najis ku mughollazhoh eta bisa suci ku tujuh kali kumbahan saba’da ngilangkeun jentulna najis,bari salahsahiji kumbahan anu tujuh eta kudu make taneuh.

Ari perkara anu kakeunaan ku najis mukhoffafah eta bisa jadi suci ku jalan ngocorkeun cai kana eta perkara,bari caina ngawalatraan saba’da ngilangkeun najis

Ari najis mutawasithoh eta kabagi 2.

1.   Najis mutawasithoh bangsa ‘aen,nyaeta najis anu aya rupa,rasa atawa ambeu,cara ngilangkeunana nyaeta kudu ngilangkeun rasa,rupa atawa ambeuna.

2.   Najis mutawasithoh bangsa hukum,nyaeta najis anu teu aya rasa,rupa jeung ambeuna,cara ngilangkeunana cukup ku ngocorkeun cai kana perkara anu kakenaan najis.

Saeutik eutikna zaman haidh eta sapoe sapeuting,ari biasana zaman haidl eta tujuh poe tujuh peuting,ari loba lobana zaman haidl eta lima belas poe lima belas peuting.

Ari sauetik eutikna zaman suci eta antara dua kali haidl nyaeta lima belas poe lima belas peuting,ari galib galibna zaman suci eta dua puluh tilu atawa dua puluh opat poe jeung peutingna,jeung teu aya batesanana pikeun loba lobana zaman suci.

Ari hadats eta aya 2.

1.   Hadats leutik,nyaeta hadats anu matak ngawajibkeun kana wudhu.

2.   Hadats gede,nyaeta hadats anu matak ngawajibkeun kana adus.


Terjemah Bacaan Sholat bahasa Sunda

Terjemah Bacaan Sholat bahasa Sunda

 

 

Niat Abdi Sholat

نويتُ أُصَلّى

Kana Fardhu Zhuhur

فرض الظهر

Opat Roka’at

أربع ركعات

Bari nyanghareup ka kiblat

مستقبل القبلة

Dilakonan dina waktunya

أداءا

Fardhu karena Alloh Ta’ala

لله تعالى

Ari Alloh eta anu Maha Agung

الله أكبر

Ari Alloh eta anu Maha Agung

الله أكبر

Kalawan agung anu muthlaq

كبيرا

Ari sadayana puji

والحمد

Eta kagungan Alloh

لله

Kalawan puji anu seueur

كثيرا

Sareng nekadkeun mahasuci abdi ka gusti Alloh

وسبحان الله

Isuk isuk

بكرة

Sareng sore sore,tegesna dina salawasna zaman

وأصيلا

Nyanghareupkeun abdi

وجّهْتُ

Kana awak abdi

وجهِيَ

Ka dzat anu midamel langit tujuh

للذي فطر السموات

Sareng bumi tujuh

والأرض

Padahal bari condong jauh tina agama sejen

حنيفا

Tur nurut kana peraturan agama Islam

مُسْلِمًا

Sareng sanes pisan abdi tina sapalihna jalmi jalmi anu nyampurkeun sesembahan ka gusti Alloh

وما أنا من المشركين

Saleresna Sholat Abdi

إنّ صلاتي

Sareng ‘Ibadah abdi

ونُسُكي

Sareng hirup abdi

ومحياي

Sareng maot abdi

ومماتي

Eta kagungan Alloh

لله

Anu mangeranan sadaya Alam

ربّ العالمين

Teu aya anu nyarengan ka gusti Alloh

لاشريك له

Sareng kana Sholat,kana Tauhid,kana Ibadah

وبذالك

Abdi diparentah

أُمرْتُ

Ari abdi eta tina sapalihna jalmi jalmi anu Islam

وأنا من المسلمين

Nyalindung abdi

أعوذ

Ka gusti Alloh

بالله

Tina panggodana syetan

من الشيطان

Anu ditundung tina rohmatna Alloh

الرّجيم

Kalawan nyebat jenengan Alloh

بسم الله

Anu ahli maparin ni’mat ageung

الرحمن

Tur anu ahli maparin ni’mat alit

الرّحيم

Ari sadaya puji

الحمد

Eta kagungan Alloh

لله

Anu mangeranan sadaya alam

ربّ العالمين

Anu ahli maparin ni’mat ageung

الرحمن

Tur anu ahli maparin ni’mat alit

الرّحيم

Anu mereskeun sagala urusan dina poe kiamah

مالك يوم الدّين

Ka gusti wungkul

إيّاك

Nyembah abdi sadaya

نعبد

Sareng ka gusti wungkul

وإيّاك

Nyuhunkeun pitulung abdi sadaya

نستعين

Muga ngalanggengkeun pituduh gusti ka abdi sadaya

إهدنا

Kana agama anu cepet lempeng

الصراط المستقيم

Nyaeta agamana jalma jalma

صراط الذين

Anu parantos maparin ni’mat gusti ka eta jalma jalma

أنعمت عليهم

Sanes agamana jalma jalma anu di benduan

غير المغضوب عليهم

Sareng sanes agamana jalma jalma anu salasar

ولا الضّالّين

Mugi ngaijabah gusti kana pangdu’a abdi sadaya

أمين

Kalawan nyebat jenengan Alloh

بسم الله

Anu ahli maparin ni’mat ageung

الرّحمن

Tur anu ahli maparin ni’mat alit

الرّحيم

Ucapkeun ku Anjeun Muhammad

قُل

Ari gusti Alloh eta anu nyalira

هوالله أحد

Ari gusti Alloh eta anu diseja

الله الصّمد

Teu kagunan putra

لم يلد

Sareng teu di putrakeun

ولم يولد

Sareng teu aya saurang oge anu nyarupaan ka mantena

ولم يكن له كفوا أحد

Ari Alloh eta nu langkung agung

الله أكبر

Nekadkeun maha suci abdi ka gusti anu maha agung

سبحان ربّي العظيم

Disarengan ku muji ka mantenna

وبحمده

Muga narima gusti Alloh

سمع الله

Ka jalma jalma anu muji ka mantenna

لمن حَمِدَه

Nun pangeran abdi sadaya

ربّنا

Tetep ka gusti sadaya puji

لك الحمد

Anu minuhan langit tujuh

ملءالسموات

Sareng bumi tujuh

وملءالارض

Sareng anu minuhan saneskanten perkara anu dikersakeun ku gusti

وملء ماشِئتَ

Tina rupa rupa perkara

من شيئ

Anu aya saparantos langit sareng bumi

بعدُ

Ari Alloh eta nu langkung agung

الله أكبر

Nekadkeun maha suci abdi ka gusti anu maha luhur

سبحان ربّي الأعلى

Disarengan ku muji ka mantenna

وبحمده

Ari Alloh eta nu langkung agung

الله أكبر

Nun pangeran abdi mugi ngahampura gusti ka abdi

ربّ اغفرلي

Sareng muga ngasih gusti ka abdi

وارحمني

Sareng muga ngaluhurkeun gusti kana darajat abdi

وارفعني

Sareng mugi nambalan gusti kana kakirangan amal hade abdi

واجبرني

Sareng muga ngarizkian gusti ka abdi

وارزقني

Sareng muga nuduhkeun gusti ka abdi

واهدني

Sareng muga nyalametkeun gusti ka abdi

وعافني

Sareng muga ngalebur gusti kana tulisan amal doraka abdi

واعف عنّي

Ari Alloh eta nu langkung agung

الله أكبر

Ari sakabeh panghormatan

التحيّات

Ari sakabeh kaberkahan

المباركات

Ari sakabeh Sholat

الصلوات

Ari sakabeh amal sholeh

الطيّبات

Eta kagungan Alloh

لله

Ari kasalametan

السلام

Eta muga tetep ka anjeun nabi Muhammad

عليك

Hei Kanjeng Nabi

أيّهاالنّبيّ

Sareng ari rohmatna Alloh

ورحمة الله

Sareng ari kaberkahan Alloh eta muga tetep ka anjeun Nabi Muhammad

وبركاته

Ari Kasalametan

السلام

Eta muga tetep ka abdi sadaya

علينا

Sareng ka sadaya abdina Alloh

وعلى عبادالله

Anu pada saroleh sadayana

الصالحين

Nyaksian sim abdi

أشهد

Kana yen saenyana kalakuan jeng tingkah

أن

Teu aya deui anu wajib di ibadahan kalawan haq

لااله

Anging gusti Alloh

إلّاالله

Sareng nyaksian sim abdi

وأشهد

Kana yen saleresna kanjeng nabi Muhammad

أنّ محمّدا

Eta janten utusan Alloh

رسول الله

Nun gusti Alloh

أللّهمّ

Mugi masihan rohmat anu disarengan ku pangagungkeun

صلِّ

Ka dunungan urang sadayana kanjeng nabi Muhammad

على سيّدنا محمّدٍ

Sareng ka kulawargina dunungan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad

وعلى أل سيّدنا محمّد

Sapertos parantos masihan rohmat gusti

كما صلّيْتَ

Ka dunungan urang sadaya kanjeng nabi Ibrohim

على سيّدنا إبراهيم

Sareng ka kulawargina dunungan urang sadaya kanjeng nabi Ibrohim

وعلى أل سيّدنا إبراهيم

Sareng mugi masihan kaberkahan gusti

وبارك

Ka dunungan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad

على سيّدنا محمّد

Sareng ka kulawargina dunungan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad

وعلى أل سيّدنامحمّد

Sapertos parantos masihan kaberkahan gusti

كما بارَكْتَ

Ka dunungan urang sadaya kanjeng nabi Ibrohim

على سيّدنا إبراهيم

Sareng ka kulawargina dunungan urang sadaya kanjeng nabi Ibrohim

وعلى أل سيّدنا إبراهيم

Dina sadaya alam

فى العالمين

Saleresna Gusti

إنّك

Eta anu di puji

حميدٌ

Tur anu agung

مجيد

Nun gusti Alloh

اللّهمّ

Saleresna abdi

إنّي

Nyalindung abdi ka Gusti

أعوذ بك

Tina siksa kubur

من عذاب القبر

Sareng tina siksa naraka

ومن عذاب النّار

Sareng tina fitnahna hirup

ومن فتنة المحياي

Sareng fitnahna maot

والممات

Sareng tina fitnahna dajjal(anu ngambah anu loba bohongna)

ومن فتنة المسيح الدّجّال

Nun Gusti Alloh

اللّهمّ

Muga netepkeun Gusti

ثبّت

Kana hate abdi

قلبي

Netepan kana agama Gusti

على دينك

Ari kasalematan eta muga tetep ka anjeun sadaya.

السلام عليكم ورحمة الله

Ari kasalematan eta muga tetep ka anjeun sadaya.

السلام عليكم ورحمة الله