Terjemah Safinah bahasa Sunda -Bab Sholat 2

Terjemah Safinah bahasa Sunda -Bab Sholat 2

 

Ari waktu Sholat eta aya 5

1.     Ari mimiti waktu Zhuhur eta ti mimiti ngageserna panon poe tina waktu istiwa nepi ka akur panjang kalangkang hiji perkara jeung panjangna eta perkara.

2.     Ari mimiti waktu Ashar eta ti mimiti leuwih saeutik panjang kalangkang hiji perkara dibanding panjangna eta perkara nepi ka surupna panon poe.

3.     Ari mimiti waktu Maghrib eta ti mimiti surupna panon poe nepi ka surupna mega beureum.

4.     Ari mimiti waktu Isya eta ti mimiti surupna mega beureum nepi ka bijilna fajar shidiq.

5.     Ari mimiti waktu Shubuh eta ti mimiti bijilna fajar shidiq nepi ka bijilna panon poe.

Ari mega eta aya 3.

1.     Mega beureum anu aya dina waktu maghrib.

2.     Mega koneng

3.     Mega bodas,duanana aya dina waktu Isya.

Disunatkeun ngahirkeun sholat isya nepi ka surupna mega koneng jeung mega bodas.

 

 

 

Ari waktu anu diharamkeun Sholat sunat anu teu aya sabab anu ngabarengan jeung sabab anu miheulaan eta aya 5.

1.     Nalika bijilna panon poe nepi ka naekna panon poe sakira kira ukuran satumbak.

2.     Nalika istiwa dina salianti poe jum’at nepi ka ngageserna panon poe.

3.     Nalika kararonengna panon poe nepi ka surupna panon poe.

4.     Saba’da sholat shubuh nepi ka bijilna panon poe.

5.     Saba’da sholat ashar nepi ka surupna panon poe.

Ari eureun eureunan dina sholat eta aya 6.

1.     Antara takbirotul ihrom jeung du’a iftitah.

2.     Antara du’a iftitah jeung ta’udz.

3.     Antara ta’udz jeung fatihah.

4.     Antara akhir fatihah jeung aamiin.

5.     Antara aamiin jeung surat.

6.     Antara surat jeung ruku’.

Ari rukun anu ngawajibkeun tuma’ninah.

1.     Nalika ruku’.

2.     Nalika i’tidal.

3.     Nalika sujud.

4.     Nalika diuk antara sujud dua.

Ari ngaran tuma’ninah nyaeta cicing saba’da usik sakira kira tetep satiap anggota dina tempatna anu lilana saukuran maca"Subhanalloh".

Ari sabab sabab sujud sahwi eta aya 4.

1.     Ninggalkeun hiji sunat ba’adna sholat atawa leuwih.

2.     Poho migawe perkara anu matak batal lamun dipigawe ngahaja tapi teu matak batal lamun dipigawe bari poho..

3.     Mindahkeun rukun bangsa pagawean kana lain tempatna,saperti maca fatihah dina diuk antara dua sujud.

4.     Migawe hiji rukun pagawean bari nyangka nambahan rukun.

Ari sunat ba’ad na Sholat eta aya 7

1.     Tasyahud awwal

2.     Diuk dina tasyahud awwal.

3.     Maca sholawat ka kanjeng Nabi dina tasyahud awwal.

4.     Maca sholawat ka kulawargana kanjeng Nabi dina tasyahud akhir.

5.     Qunut dina sholat shubuh.

6.     Nangtung dina qunut.

7.     Maca sholawat sareng salam ka kanjeng Nabi,ka kulawargina sareng ka para shohabatna kanjeng Nabi dina qunut.

Ari perkara anu matak ngabatalkeun kana Sholat eta aya 14.

1.     Kusabab hadats.

2.     Kusabab kadatangan najis lamun teu dipiceun pada harita bari teu dibawa eta najis.

3.     Kusabab kabuka aurat lamun teu ditutupan pada harita.

4.     Kusabab ngomong ku dua haraf atawa ku saharaf anu mere harti jeung teu aya hubunganana jeung pagawean sholat bari ngahaja.

5.     Kusabab migawe perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa bari ngahaja.

6.     Kusabab barang dahar anu loba,bari poho dina sholat.

7.     Kusabab usik tilu usikan anu tuluy tuluy sanajan bari poho.

8.     Kusabab luncat anu Tarik.

9.     Kusabab neunggeul anu Tarik.

10.              Kusabab nambahan rukun anu pagawean bari ngahaja.

11.              Kusabab miheulaan maneh ti imam ku dua rukun anu bangsa pagawean.

12.              Kusabab nyulayaan ka imam ku dua rukun bari teu aya pa udzuran.

13.              Kusabab niat megatkeun(ngabatakleun)sholat.

14.              Kusabab nyantelkeun megatkeun sholat kana hiji perkara.

Ari sholat anu diwajibkeun niat jadi Imam pikeun imam eta aya 4.

1.     Dina sholat jum’at.

2.     Dina sholat anu dibalikan deui(saperti jalma anu geus sholat bari munfarid,terus datang nu sejen,sholatna dibalikan deui bari berjama’ah)

3.     Dina sholat anu di nadzrkeun kalawan berjama’ah.

4.     Dina sholat anu di jama’ taqdim kusabab hujan.

Ari syarat sahna anut ma’mum ka imam eta aya 11.

1.     Ulah nyaho kana batal sholat imamna kusabab hadats atawa liana hadats.

2.     Ulah nekadkeun kana wajib ngodoan imam kana eta sholat.

3.     Imamna ulah ngama’mum kanu sejen.

4.     Imamna ulah anu bodo.

5.     Ulah miheulaan ka imam dina tempat sholatna.

6.     Kudu nyaho kana pundah pindah sholat imamna.

7.     Kudu kumpul imam jeung ma’mum dina hiji masjid atawa dina tempat anu legana kira kira 300 siku.

8.     Ma’mum kudu niat ngama’mum atawa niat berjama’ah.

9.     Kudu sesuai runtuyan sholatna ma’mum jeung runtuyan sholatna imam.

10.              Ulah nyulayaan ma’mum ka imam di hiji sunat anu goring nyulayaanana.

11.              Kudu turut ma’mum ka imamna.

Ari gambaran anut ma’mum ka imam eta aya 9.anu lima dimenangkeun,anu opat teu dimeunangkeun.

Ari gambaran ngama’mum anu dimenangkeun nyaeta

1.     Anutna lalaki ka lalaki.

2.     Anutna awewe ka lalaki.

3.     Anutna banci ka lalaki.

4.     Anutna awewe ka banci.

5.     Anutna awewe ka awewe deui.

Ari anu teu dimeunangkeun nyaeta

1.     Anutna lalaki ka awewe.

2.     Anutna lalaki ka banci.

3.     Anutna banci ka awewe.

4.     Anutna banci ka banci deui.

Ari Syarat sahna jama’ taqdim eta aya 4

1.     Ngawitan ku sholat anu kahiji.

2.     Niat ngajama’ dina sholat anu kahiji.

3.     Tuluy tuluy antara sholat anu kahiji jeung anu kadua.

4.     Langgengna pa’udzuran.

Ari syarat sahna jama’ ta’khir eta aya 2.

1.     Niat jama’ ta’khir,ari waktuna niat nyaeta ti mimiti asup waktu sholat nepi ka akhir waktu sholat anu kahiji,tegesna kedah di jero waktu sholat anu kahiji.

2.     Langgengna pa’udzuran nepi ka sampurna sholat anu kadua.

Ari syarat sahna Sholat qoshor eta aya 7.

1.     Jarak perjalanan kudu aya 2 pos,tegesna kira kira 80 kilo.

2.     Perjalan nana kudu anu dimenagkeun.

3.     Nyaho kana menagna qoshor.

4.     Niat qoshor dina nalika takbirotul ihrom.

5.     Sholatna kudu anu bangsa 4 roka’at.

6.     Langgengna perjalanan nepi ka rengsena sholat.

7.     Ulah ngama’mum ka jalma anu sholatna sampurna.

Ari syarat sahna Sholat jum’at eta aya 6

1.     Sakabehna sholat jum’at kudu aya dina waktu zhuhur.

2.     Sholat jum’at kudu dilaksanakeun di tengah lembur.

3.     Sholatna kudu diberjama’ahkeun.

4.     Ahli jum’ah kudu aya 40 lalaki anu merdeka,anu baligh jeng geus tumetep di eta tempat.

5.     Ulah aya sholat jum’at sejen anu ngabarengan atawa miheulaan kana eta sholat jum’at.

6.     Sholatna kudu saba’da khutbah dua.

Ari rukun Khutbah dua eta aya 5.

1.     Maca" Alhamdulillah" dina khutbah anu kahiji jeung anu kadua.

2.     Maca sholawat ka kanjeng Nabi dina khutbah anu kahiji jeung anu kadua.

3.     Washiat kalawan Takwa dina khutbah anu kahiji jeung anu kadua.

4.     Maca hiji ayat Al Qur’an dina salahsahijina Khutbah dua.

5.     Ngadu’akeun ka Mu’min lalaki jeung Mu’min awewe dina khutbah anu akhir.

Ari syarat Khutbah dua eta aya 10.

1.     Suci tina hadats dua,nyaeta hadats leutik jeung hadas gede.

2.     Suci tina najis dina badanna,dina pakeanana jeung dina tempat khutbahna.

3.     Nutupa Aurat.

4.     Nagtung ka jalma nu bisa kana nangtung.

5.     Diuk antara khutbah dua kalawan sajamaneun thuma’ninah.

6.     Tuluy tuluy antara Khutbah dua.

7.     Tuluy tuluy antara khutbah dua jeung antara sholat.

8.     Khutbah dua kudu ku bahasa Arab.

9.     Jalma anu 40(ahli jum’at) kudu ngadenge kana eta khutbah..

10.              Sakabeh khutbah kudu aya dina waktu zhuhur.

والله أعلم بالصواب

Terjemah Safinah bahasa Sunda - Bab Sholat 1

Terjemah Safinah bahasa Sunda - Bab Sholat 1

 

Ari uzdur na Sholat eta aya 2.

1.     Kusabab sare.

2.     Kusabab poho.

Ari syarat sahna sholat eta aya 8.

1.     Suci tina hadats dua,nyaeta hadats leutik jeung hadats gede.

2.     Suci tina najis,dina pakeanana,bandanna,jeung dina tempat sholatna.

3.     Nutupan aurat.

4.     Nyanghareup ka qiblat.

5.     Manjing waktu.

6.     Nyaho kana kafardhuanana sholat.

7.     Ulah nekadkeun sunat kana hiji fardhu tina pirang pirang fardhuna sholat.

8.     Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat.

Ari babagian orat eta aya 4.

1.     Oratna lalaki kalawan mutlak(di luar sholat jeng dina sholat),jeung orat awewe amat dina keur sholat wungkul,nyaeta antara bujal jeung tuur.

2.     Oratna awewe merdeka dina keur sholat,nyaeta sakabeh bandanna,salianti wajah jeung dampal lengeun duana.

3.     Orat awewe merdeka jeung orat awewe amat disanghareupeun lalaki anu dengeun dengeun,nyaeta sakabeh bandanna.

4.     Orat awewe merdeka jeung orat awewe amat dihareupeun mahramna,jeung dihareupeun awewe deui nyaeta antara bujal jeung tuur.

Ari Rukun Sholat eta aya 17.

1.     Niat na ati.

2.     Takbirotul ihrom.

3.     Nagtung ka jalma anu bisa kana nangtung.

4.     Maca fatihah.

5.     Ruku’

6.     Tuma’ninah dina ruku’

7.     I’tidal.

8.     Tuma’ninah dina I’tidal.

9.     Sujud dua.

10.              Tuma’ninah dina sujud dua.

11.              Diuk dina antara sujud dua.

12.              Tuma’ninah dina diuk antara sujud dua.

13.              Attahiyat akhir.

14.              Diuk dina attahiyat akhir.

15.              Maca sholawat ka kanjeng nabi dina diuk attahiyat akhir.

16.              Maca salam ka Beulah katuhu.

17.              Tartib

Ari tingkatan niat eta aya 3

1.     Lamun sholatna sholat fardhu,maka wajib dina eta niat 3 perkara.

1)     Maqsud migawe,nyaeta jalma anu sholat ngucapkeun”usholli”

2)     Nangtukeun sholat anu dipigawe,nyaeta ngucapkeun” zhuhur’atawa”ashar”.

3)     Nekadkeun kafarduan,nyaeta jalma anu sholat ngucapkeun”fardhon”

2.     Lamun sholatna sholat sunat anu diwaktu waktu,atawa sholat sunat anu aya sababna,maka wajib dina eta niat dua perkara.

1)     Maksud migawe.

2)     Nangtukeun sholat anu dipigawe.

3.     Lamun sholatna sholat sunat muthlaq,maka wajib dina eta sholat maksud migawe wungkul.

Ari syarat sahna Takbirotul ihrom eta aya 16.

1.     Takbirotul ihromna kudu aya dina tingkah nangtung lamun sholatna sholat fardhu.

2.     Takbirotul ihromna kudu ku bahasa arab.

3.     Takbirotul ihromna kudu ku lafazh”Alloh”.

4.     Takbirotul ihromna kudu ku lafazh”Akbar”.

5.     Kudu tartib antara dua lafazh,nyaeta antara lafazh”Alloh”jeng lafazh”Akbar”.

6.     Ulah manjangkeun kana hamzahna lafazh”Alloh”.

7.     Ulah manjangkeun kana ba na lafazh”Akbar”.

8.     Ulah nasydidan kana ba na lafazh”Akbar”.

9.     Ulah nambahan ku wawu anu sukun atawa wawu anu diharkatan antara lafazh”Alloh”jeung lafazh”Akbar”.

10.              Ulah nambahan wawu samemeh lafazh”Alloh”.

11.              Ulah eureun antara dua kalimah takbir,kalawan eureun snu lila,atawa eureun anu sakeudeung.

12.              Sakabeh kalimat takbir kudu kadenge kunu macana.

13.              Kudu geus manjing waktu dina sholat anu diwaktu waktu.

14.              Kudu tumiba takbirotul ihrom dina tingkah nangtung.

15.              Ulah cacadelan dina salah sahiji huruf takbirotul ihrom.

16.              Ngahirkeun takbirotul ihromna ma’mum saba’da takbirotul ihromna imam.

Ari syarat sahna maca Fatihah eta aya 10.

1.     Tartib.

2.     Tuluy tuluy antara bacaan fatihah.

3.     Ngaraksa kana sakabeh hurufna fatihah.

4.     Ngaraksa kana sakabeh tansydidna fatihah.

5.     Ulah eureun kalawan eureun anu sauetik atawa uereun anu lila anu ngamaksud megatkeun kana bacaan fatihah.

6.     Maca kana sakabeh ayatna fatihah,ari bismillah eta kaasup kana bacaan fatihah.

7.     Ulah cacadelan anu matak ngaruksak kana ma’na fatihah.

8.     Fatihahna kudu dibaca dina tingkag nangtung dina sholat fardhu.

9.     Kudu kadenge sakabeh bacaan fatihah kunu macana.

10.              Ulah nyela nyelaan kana bacaan fatihah dzikir anu sejen.

Ari Tasydidna Fatihah eta aya 14.

1.     Ari tasydidna "bismillah"eta saluhureun lam lafazh"Alloh"

2.     Ari tasydidna "Arrohman"eta saluhureun ro

3.     Ari tasydidna "Arrohim"eta saluhureun ro

4.     Ari tasydidna"Alhamdu lillah"ieta saluhureun lam lafazh"Alloh".

5.     Ari tasydidna"Robbil ‘Aalamiin"eta saluhureun ba

6.     Ari tasydidna"Arrohman"eta saluhureun ro

7.     Ari tasydidna"Arrohim"eta saluhureun ro

8.     Ari tasydidna"Maliki yaumiddiin"eta saluhureun dal

9.     Ari tasydid"Iyyaka na’budu"eta saluhureun ya

10.              Ari tasydid"Iyyaka nasta’in"eta saluhureun ya

11.              Ari tasydid"Ihdinashshirootol mustaqiim"eta saluhureun shod.

12.              Ari tasydid"shitholladziina"eta saluhureun lam

13.              14. Ari tasydid"An’amta ‘alaihim ghoril maghdhuubi ‘alaihim waladhdhoolliin"eta saluhureun dho jeung lam

Ari tempat anu disunatkeun ngangkat dua leungeun eta aya 4

1.     Nalika takbirotul ihrom

2.     Nalika ruku’

3.     Nalika i’tidal

4.     Nalika nangtung saba’da tasyahud awwal.

Ari syarat sahna sujud eta aya 7

1.     Sujudna kudu ngenaan kana 7 anggota sujud.

2.     Tarangna kudu dibukakeun.

3.     Ngantep kana sabeuratna sirah(sirahna ulah ditahan)

4.     Ulah turun karana lain rek sujud.

5.     Ulah sujud kana perkara anu sok usik lamun usik manehanana.

6.     Ngangkat bujurna ngaluhuran kana sirahna.

7.     Kudu thuma’ninah dina sujud.

Ari anggota sujud eta aya 7.

1.     Tarang. 2&3  Dampal leungeun dua. 4&5  Tuur dua.    6&7 Dampal ramo suku dua.

Ari Tasydid anu aya dina Tasyahud eta aya 21,anu lima dina sampurna sampurna Tasyahud,anu 16 dina saeutik saeutikna Tasyahud

1.     Ari tasydid"Attahiyyaatu"eta saluhureun ta jeung ya

2.     Ari tasdid"Almubaarokaatushsholawaatu"eta saluhureun Shod

3.     Ari tasydid"Aththoyyibaatu"eta saluhureun tho jeung ya

4.     Ari tasdid"Lillaahi"eta saluhureun lam lafazhAlloh

5.     Ari tasydid"Assalaamu"eta saluhureun sin

6.     Ari tasydid"’Alaika ayyuhannabiyyu"eta saluhureun ya,nun jeung ya.

7.     Ari tasydid"Warohmatullohi"eta saluhureun lam lafazh"Alloh"

8.     Ari tasydid"Wabarokaatuhussalaamu"eta saluhureun sin

9.     Ari tasydid"’Alaina wa ‘alaa ibaadilllahi"eta saluhureun lam lafazh"Alloh".

10.              Ari tasydid"Ashshoolihiina"eta saluhureun shod.

11.              Ari tasydid"Asyhadu alla ilaaha"eta saluhureun lam alif.

12.              Ari tasydid"Illallohu"eta saluhureun lam alif jeung saluhureun lam lafazh"Alloh"

13.              Ari tasydid"Wa asyhadu anna"eta saluhureun nun.

14.              Ari tasydid"Muhammadarrosulullohi"eta saluhureun mim"Muhammad",ro sareng lam lafazh"Alloh".

Ari Tasydid anu aya dina saeutik eutikna Sholawat eta aya 4

1.     Ari tasydid"Allohumma"eta saluhureun lam jeung mim

2.     Ari tasydid"Sholli"eta saluhureun lam

3.     Ari tasydid"’Ala muhammad"eta saluhureun mim

Ari saeutik eutikna maca salam eta lafazh السَّلامُ عليكُم ari tsydidna eta luhureun sin.